Hurip Waras Sunda di Banjar

Oleh : Muhamad Erwin Nugraha
Hurip Waras Sunda di Banjar

Banjar kota nu ku urang dipikareureus ti bihari nepi ka kiwari ngarupakeun hiji wewengkon anu beunghar ku kamonesan sosial, budaya tur sajarahna.

Bihari Banjar kaasup kana kakawasaan Karajaan Galuh, raja nu kamahsur ka jomantara Prabu Linggabuana katut turunanana Prabu Dewa Niskala.

Dina jaman Walanda Banjar jadi salah sahiji wewengkon proyék kolonial, kira-kira dina taun 1791-1828, Walanda harita maréntahkeun nyieun gudang uyah ti mimiti pangandaran, kali pucang jeung Banjar. Ngan hanjakal kiwari lebah-lebahna teuing di béh mana, salian ti gudang uyah, Banjar gé jadi proyek liana, nyaéta rahayatna dititah jadi patani tarum, salah sahiji tangkal nu ngahasilkeun minyak tarum (minyak oles) jaman harita sawah-sawah salin jinis jadi kebon tarum, nya nepi ka ayeuna nelah na mah pan aya kacamatan Pataruman, éta téh asal kecap tina tarum, nu maké rarangken pa-an, pungsinya nyieun kecap nu nunjukeun tempat, jadi cindekna pataruman téh hartina tempat melak tangkal tarum, angger nepi ka kiwari pataruman mah aya, ngan nu jadi kawentar kamamana Banjar téh boga ngaran papanjanganana nyaeta Banjar Patroman.

Saur Dr Undang A Darsa, ahli filologi ti Unpad, patroman sabenerna asal kecap na mah tina pataruman ngan ku sabab Banjar mah daerah campuran sunda-jawa jadi mangaruhan kana cara ngucapkeunana (pelapalan) nu antukna pataruman téh jadi patroman komo ku urang jawa mah. Keun bae ayeuna geus robah jadi Banjar idaman ge teu jadi masalah.

Kiwari nu jadi pasualan nyaeta kumaha ketak dinas budaya jeung pariwisata dina enggoning ngamumulé budaya, basa jeung sastra sunda, ku sabab Banjar kaasup wewengkon nu beunghar ku budaya.

Pangwétana Jawa Barat, wates jawa sunda, tangtu ngahasilkeun ciri nu mandiri, ulah nepi kabeungharan eta leungit kitu waé karumpak, kaléngkahan, tur katajong jaman.

Ciri-ciri leutikna geus nerkab nya lain di Banjar hungkul tapi kabeh daerah gé sarua ngarandapan krisis identitas komo deui di kota-kota gede, guru-guru basa sunda siga geus sareungggah ngajarkeunana, ari pok na téh cenah “kuring mah mending ngajar basa inggris, ngajar basa sunda mah lieur”.

Kungsi kuring nanya ka budak SD kelas tilu, “cik sebutkeun pakakas dapur, dijieuna tina awi, paragi wadah sangu?” Eta budak ngahuleng, teu sawatara lila ngajawab semu atoh “...magic com...” cenah na téh kuring ukur mesem, euh geuning kieu geus teu wawuh kana parabot ge, komo deui kana undak usuk basa, bororaah nu kararitu, ku kaulinan ge ayeunamah geus jauh beda, sabangsaning gatrik, panggal, ucing sumput, jujungkungan geus jarang meureun nya.

Ku kituna kuring salaku urang Banjar, miharep ka Pamarentah kota Banjar mibanda tanggung jawab nu leuwih kana kalumangsungan basa, sastra tur budaya sunda, nya sukur-sukur lamun tilu hal eta jadi komoditas ekonomi nu bisa méré nilai plus pikun kamajuan Banjar.

Kiwari hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, papuntang-puntang panangan dina enggoning nyalametkeun tur ngamumule budaya urang

Anak kuda sisi gunung
Aya kalde ka tegalkeun
Basa sunda basa indung
Teu hade pada ninggalkeun

Ka cirata tumpak kuda
Ti camara kana taksi
Nyarita ku basa sunda
Ulah era ulah gengsi

Ka Jakarta mawa payung
Breg hujan di pataruman
Urang sunda kudu nanjung
Di kota Banjar idaman


Hatur nuhun,
ME Nugraha
Sumber :
http://www.banjar-jabar.go.id